Rumah Pemikiran.

Serat Kanggé Ceu Rini Mayasari.

Diserat ku: Yusni Tria Yunda.

Hanca Kabupatén Bandung, Kaping 7 Sasih Januari Taun 2019 Maséhi.

Sampurasun.
Assalamu`alaykum.

Simkuring neda pangampura, yén dina danget ieu teu acan tiasa ngawaler langsung nganggé SMS sabab 3 ("Three") masihan bonusna ka simkuring dina wentuk aytem kuota internét. Panginten éta ogé kusabab Orang Tri_NA apal yén simkuring eukeur nalungtik layanan internét katut aplikasi - aplikasi jaringannana.
Intina tina waleran simkuring, yén kamari simkuring dongkap ka Abah Momo S., Tuang Rama, anna_ing maksad badé badanten perkawis papirakna urang duaan 4 (opat) taun nu kalarung (kaping 29 Désémber 2014) anu dugi ka danget ieu teu acan garaduh Serat Pirakna. Namung Ceu Maya eukeur damel di luar padumukan. Kitu kamari katerangan ti Inong (Ghina) kalih Abah.

Wajar teu ka Pangadilan Agama heula, kumargi urang - urang papirakna sacara saé, sanaos sacara kanagaraan teu acan kacutat, da shidiq mémang teu aya tungtutan nanaon ti pirang - pirang pihak urang - urang. Antar_Rodhin: silih mikaridho.

Nya leres dina SMS salira, yén mening cuang ngadamel buktos panyataan sacara diserat, ka Kantor Urusan Agama nu harita nyutatkeun panikahan urang - urang wéh didaftarkeunna. Sanés ka Pangadilan Agama, da, nya kitu téa: naon nu seja rék ditungtutna ku salahsawios ti urang - urang, pan?.

Teu aya kasus hukum dina gugat, mung dina téhnis hukum administrasi nagara wungkul, rupi_NA kitu, Ceu.
Ari nu janten pikiran simkuring danget ieu, nyaéta kedah nyanggakeun saniskara kalengkepan dokumén ka pihak kantor nu baréto, nu ngarojong simkuring mangsa minikah sacara hukum ka salira.

Di antawis kalengkepan nu kirang, nyaéta serat panyataan yén urang - urang parantos papirak ti 4 taun nu tos kalarung, tanpa aya aqod rujuk di tengah - tengah mangsa éta dugi ka danget ieu.

Nya, panginten ari pihak kantor nu kapungkur hoyong apik, sabab sanaos simkuring parantos janten pensiunan saméméh waktosna, nanging dina kara hutang jeung asèt nu dipogaduh dina mangsa - mangsa antawis papirakna urang - urang (29 Désémber 2015) dugi ka ngundurkeun dirina simkuring tina padamelan éta (1 Juni 2015), urang - urang teu kantos rujuk deui, sahingga naon - naon hutang atanapi_ogé aktiva nu kawentukna dina éta mangsa: teu aya kakaitan jeung papasangan urang - urang (simkuring jeung Ceu Maya).

Kitu, panginten, nu kairong ku ingetan simkuring ngeunaan kawijakan ti kantor nu kapungkur (BRI).
Anapon dina danget ieu nishob aktiva simkuring masih tacan ngahontal kalayakan pikeun babayar saniskara sametan arageung pikeun ukuran simkuring mah. Kalebet babayar ka Tuang Raka, teu acan dimampukeun ku Alloh. Malihan kamari ogé simkuring mulih ti Cileunyi téh diongkosan ku Ichsan Nugraha, janten simkuring tiasa naék Karéta Api, ieu foto buktosna.
Sakitu heula, nu tiasa didugikeun ku simkuring.

Bilih teu kaabotan, engkin simkuring seja nyuhunkeun wakalah ti Mini pikeun komunikasi jeung salira, badanten ngeunaan kara - kara nu teu acan réngsé sailaharna. Panginten mantenna bakal nganggé média WhatApp, samentawis simkuring tiasana nganggé blogspot kieu, sabab dina Facebook ogé kapanan diblokir akun simkuring ku salira?.

Anapon ieu, publikasi pikeun dipikauninga ku Ceu Maya, ngeunaan kalengkepan dokumén nu ku simkuring parantos kintunkeun sacara online ka pihak Bagéan Sumber Daya Manusa  BRI Kantor Cabang Majalaya: Kalengkepan serat.

Hatur nuhun. Wassallaamu`alaykum.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar